Adsense

26 Sep 2016

Babad Bupati Bandung



BABAD BUPATI BANDUNG


Judul                        : Babad Bupati Bandung
Halaman                 : 95, kertas HVS ukuran folio
Kaayaan fisik         : fotokopi tina salinan hasil mesin tik. Salinan taun 1990 tina naskah asli anu ditulis dina huruf pegon (1989 M?)



Kuring teu bisa nyimpulkeun ieu Babad Bupati Bandung naha sarua jeung salah sahiji naskah anu aya dina “Katalog Induk Naskah-naskah Nusantara Jilid 5A; Jawa Barat Koleksi Lima Lembaga”. Katalog ieu disusun ku Edi S. Ekadjati & Undang A. Darsa, penerbit Obor. Lamun nilik kana judul mah anu mirip jeung ieu babad tina èta katalog paling “Silsilah Sajarah Bandung” jeung Silsilah Bandung”.

Silsilah dimimitian ti Nabi Adam anu engkèna nyambung ka Perbu Siliwangi terus engkena nyambung ka Tumenggung Wiranangun di Tambanganten. Dina babad ieu mah Tumenggung Wiranangun atawa anu katelah Wiraangunangun ditempatkeun dina rèrèhan Timbanganten. Henteu nyabit-nyabit Bupati Bandung anu dibisluitan ku Sultan Agung.

Dianggap Bupati Bandung mimiti tèh Dalem Anggareja (dalem Gorda) anu meunang bisluit ti kompeni (Gupernur Jènderal Walanda dado 19 Nopember 1684.  Tangtuna bupati-bupati saterusna dibisluitan ku gupernur jènderal kompeni jeung gupernur jènderal Hindia Walanda lengkep jeung tanggal-tanggal bisluit. Bupati panungtung anu kasebut dina ieu babad nyaeta Tumenggung Kusumah Dilaga anu diangkat jadi adipati 25 Mèi 1866.

Dina bagian /31/ disebutkeun yèn ieu babad dijieun sawaktu putra Kangjeng Dalem Adipati Kusumah Dilaga, jenengan Aom Muharam karèk umur 11 bulan (lahir 23-11-1888). Hal ieu pasalia jeung bagian /9/ anu nyebutkeun Aom Muharam diangkat jadi regen di Bandung 30 Desember 1920. Aya kamungkinan bagian /9/ ieu mangrupakeun sisipan waktu nyieun salinan naskah sawaktu Aom Muharam nyangking Bupati Bandung gelar Wiranatakusumah V.

Babad Bupati Bandung nunjukkeun kumaha patalina kulawarga antara para bupati di Priangan kaasup oge kulawarga pajabat sahandapeun bupati, saperti patih, jaksa, wadana, kapala cutak, lurah,  atawa kumetir kopi. Karya sastra anu mangrupa babad ieu teh kajaba nuliskeun silsilah aya ogè ngagambarkeun kajadian. Upamana waè pindahna dayeuh ti Dayeuh Kolot ka Dayeuh Bogor (Kampung Bogor, Gedong Pakuan ayeuna) dina taun 1809 ku Dalem Dipati Wiranatakusumah II.

Aya hal anu ku kuring ditèangan geus lila naon sababna Parakan Muncang hiji kabupaten anu dibisluitan bareng jeung Bandung jeung Sukapura ku Sultan Agung Mataram dina awal abad ka-19 leungit. Tètèla manggih tèh teu Parakan Muncang wungkul, tapi ogè kumaha burakna Kabupaten Limbangan jeung Batulayang. Kajaba kitu aya ogè nyaritakeun Kajadian Munada, atawa Dipati ukur vèrsi Bandung jeung Talaga.

Hanjakal kuring can bisa maluruh aslina naskah ieu. Kuring ngan manggihan diktat almarhum pun bapa anu dijieun taun 1990 menang nyalin tina naskah anu ditulis dina huruf pegon. Dina diktat ieu muat 95 halaman kabèhna 288 bagian. Kuring nyebut bagian wèh da disebut paragraf atawa alinèa ku ugeran ayeuna mah teu manjing. (Asep Suryana).


Tidak ada komentar:

Posting Komentar